Kangge nganyar-nganyar, sum kuring bade nyanggakeun seratan "lirik"
Bang-bang kalima gobang
mangga ah... tambih ngalamun, urang nyarungsum kaulinan katukang =D
Bang-bang kalima gobangBang-bang kalima lima gobang, bang
bangkong di tengah sawah,wah
wahai tukang bajigur, gur
guru sakola desa, sa
saban poe ngajar, jar
jarum paranti ngaput, put
putri nu gareulis, lis
lisung kadua halu, lu
luhur kapal udara, ra
ragrag di Jakarta, ta
taun sabaraha, ha
haji rek ka mekah, kah
kahar tujuh rebu, bu
buah meunang ngala, la
lauk meunang nyobek, bek
beker meunang muter, ter
terus ke Cikampek, pek
pekna gagang kalam, lam
lampu eujeung damar, mar
mari kueh hoho, ho
hotel pamandangan, ngan
ngantos kangjeng dalem, lem
lempa lempi lempong, ngadu pipi jeung nu ompong ..
Tidak ada komentar:
Posting Komentar